naon nu dimaksud pangalaman teh?
B. Daerah
mianurul705
Pertanyaan
naon nu dimaksud pangalaman teh?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Pangalaman nyaeta kajadian anu geus kalakonan ku saurang jalma. Aya dua rupa tulisan anu ngeunaan pangalaman, nyaeta rupa tulisan pangalaman anu disebut pangalaman pribadi sarta rupa pangalaman anu disebut catetan poean. Tulisan ppangalaman pribadi, dina cara nulisna biasana sok dimimitian ku nyieun atawa nyiapkeun rancana, atawa nulisna kudu dirancanakeun heula. Sedengkeun dina nyieun atawa nulis pangalaman anu mangrupa catetan poean henteu merlukeun rancana.
Dina nulis atawa nyusun pangalaman pribadi, ampir sarua saperti nyieun carpon atawa carpon jeung nyieun novel, nyaeta ditulisna kalayan dumasar kana aturan atawa panduan nu aya dina cara nyieun carpon atawa novel. Sedengkeun dina cara nulis catetan poean, nyaeta langsung ditulis dumasar kana kajadian anu aya unggal poe atawa umpama aya kajadian anu penting.