B. Daerah

Pertanyaan

Jieun guguritan make patokan pupuh kinanti,anu temana ngaran kembang

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Guguritan nyaeta salahsahiji rupa puisi sunda. Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Guguritan kaasupna kana puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra, sisindiran, sajak jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan jeung carita pantun.

    Guguritan oge mangrupa puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aya 17 rupa aturan atawa patokan pupuh, anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung Jeung Sekar Alit. Pupuh Kinanti ayana dina kelompok Sekar Ageung. Dina Sekar Ageung aya opat rupa patolan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa patokan pupuh. Pupuh Kinanti jeung tilu pupuh lianna anu aya dina Sekar Ageung, nyaeta pupuh Sinom, Asamarandana jeung Dangdanggula sok disingkat jadi pupuh KSAD. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru wilangan jeung guru lagu.

    Guru wilangan jeung guru lagu anu aya dina pupuh Kinanti nyaeta 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Sedengkeun watek atawa karakter anu aya dina pupuh Kinanti biasana ngagambarkeun rasa keur nungguan, dedepuen, atawa rasa kanyaah. Tapi dina praktekna mah aya sababaraha pupuh anu teu saluyu jeung watek atawa karakterna, saperti pupuh Kinanti anu paling dikenal nyaeta "Budak Leutik Bisa Ngapung". Di handap ieu conto guguritan pupuh Kinanti anu temana ngaran kembang:

    Olohok kembangna kadu 8-u,
    ancul teh kembangna eurih 8-i,
    jamotrot mah kembang laja 8-a,
    kembangna leunca teh pengit 8-i,
    kembangna honje mah combrang 8-a,
    uceng teh kembangna tangkil 8-i

Pertanyaan Lainnya