Sebutkeun hal-hal nu kudu diperhatikeun nalika nyieun sajak ?
B. Daerah
yanhapitri7
Pertanyaan
Sebutkeun hal-hal nu kudu diperhatikeun nalika nyieun sajak ?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Sajak nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kauger atawa kaiket ku aturan-aturan. Umpama ditilik tina rumpakana, aya puisi anu kaiket ku aturan jeung aya puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak jeung kawih. Sedengkeun puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan, anu kaiket ku aturan pupuh. Aturan pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan.
Sanajan sajak mangrupakeun hiji wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, sajak tetep mangrupakeun karya sastra anu ngabogaan unsur-unsur anu perlu diperhatikeun waktu nyieun eta sajak. Unsur atawa hal-hal anu kudu diperhatikan waktu nyieun sajak nyaeta unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.